Showing posts with label Has been written By Z. Show all posts
Showing posts with label Has been written By Z. Show all posts

Wednesday, April 29, 2009

Rerencangan ngararumpul sareng ngarayakeun ulang taun na neng Lydia

maap potona telat..
Pang mimitina, rerencangan ngararumpul heula di imah rerencangan nya eta di imah neng yeli.Saenggeus rerencangan ngarumpul kabeh 5 jelema (akang Freedie, neng Yeli, akang Deha, akang Julius sareng akang Anto), sareng saenggeus nyiapkeun kado sareng puding ulang taun ,langsung weh arindit ka rerencangan nu aya di UNPAR nyaeta ka kosan neng Cynthia.

Pas ka kosan neng Cynthia , sarerea di bawakeun oleh-oleh ti tegal. Naon cik oleh2 na? ? Hijii…. duaa….. tilu…. bener, nyaeta pilus…. Ngeunah rasana kriuk2 uk uk uk….ku sabab beuteung geus sarada sareng cacing-cacing na raribut hayang neda, neng Cynthia ngusulkeun neda di warung ‘Gembul’. Emang bener sareng nama warungna, sebeuh tah makanna sareng marirah deui hargana, gorengan na oge ngeunah :D . Saenggeus neda di warung eta, rerencangan langsung mareuli es jus nu di tuduhkeun ku neng Cyn. Geus mah mirah, loba deui, porsina oge loba pisan dua nepi ka tilu jelemaan lah. Aya oge rerencangan nu meuli jus peyeum tuluy kesan-kesan na nginum eta jus nyaeta nyieun hulu rada lieur, lamun cek lagu mah killing me softly. Saenggeus eta, langsung weh indit ka kosan Feni.


Saengeus ka tempat kosan feni, teu lila neng Lydia datang oge. Bari ngadagoan neng Feni, neng Lydia carita-carita lamun HaPe nu di hayangkeun ku manehna nyaeta N82 teh geus aya. Saenggeus eta, di caritakeun weh idena frenzkuliner nu rada nyengir sareng mines mines nu bakal nyieun reuwas neng Lydia.ieu yeuh ide na teh, rencana the rek nyieun siga beneran lamun mobil yaya teh leungit di parkiran di paok ku penjahat. Tuluy pas neng Lydia balik ka mobil na saenggeus ngomong dadah dadahan ka rerencangan nu lainna, mobilna the geus leungit teu nyaho kamana(padahal mah di sumputkeun ku frenzkuliner). Tuluy frenzkuliner di kajauhan bakal melongkeun, hayang nyaho kumaha salting na neng Lydia. Ngan Hanyakal weh hanyakallll…. Ieu ide teu meunang di lakukeun, kusabab aya factor X na ~.~’ .Saenggeus neng Feni datang ka kosan, dicumponan weh strategi dadakan nyaeta nyumputkeun HaPe na neng Lydia. Sukses pisan akting sareng rencana na ~.~v kerjasama tim na koooommmppaaakk. Tempat selanjutnya nyaeta idaman rerencangan frenzkuliner nyaeta uuc ‘Cang Ke’ ka Happy Puppy…


Pas aya di jero happy puppy, sarerea nyanyi lagu ‘selamat ulang tahun’, teuing tah saha nu milihna, bisaan. Dimana aya nu ultah pasti weh aya nu namana tiup lilin jeung kado. Meh ngaramekeun suasana, aya weh nu nyalonkeun jadi MC. MC na seh jagoooo pisann.Mimiti mah datang heula puding nu di luhur na teh di bentuk gambar 2 lauk warna koneng jeruk lokam(kasian deh mun teu nyaho jeruk lokam siga kumaha :D ) jeung baruntet . eta motif puding teh aya makna na nyaeta
1. Warna na oranye kusabab sarua warnana jeung acuk nu di pake ku neng Lydia
2. loba rejeki, hoki, berkat matakan laukna baruntet
3. laukna sapasang meh gancang meunang pasangana oge
4. di doakeun meh sukses ti gawean
5. hirupna lila

Tuluy datang weh acara pemilihan kado, nyaeta tina meja di teundeun 3 kalo, tuluy neng Lydia di tanyaan, hayang nu mana kadona kusabab ngan bisa milih hiji hungkul kadona. Sambil meragakeun eta kado ku MC jeung di pulintir-pulintir eta kado siga penjual nu professional pisan untung na teu di kocok-kocok siga obat kocok.Di antara eta tilu, neng Lydia milih kado dan isinya…. HaPe N82 nu di sumputkeun… ckckckc jagoan eta rarasaan na . Tuluy di bere deui kesempatan nu kadua, neng Lydia menebak dan tebakkan nya tepat nyaeta gelas FK , nebak nu katilu sareng nu kaopat ku neng Lydia oge bener kabeh nyaeta gelas FK versi 2 sareng headset canggih cui…..buntut-buntut namah eta kabeh kado emang keur neng Lydia, eta kado kabehan na di tebakna 100% bener ^,^v sakti pisan. Kusabab nu ultah hayang cangke, jadina ampir kabeh lagu di nyanyikeun ku neng Lydia, teu ereun-ereun tuluy nyanyi weh weh weh… weleh… leh…Saenggeus nyanyi bari teu karasa tea selalu, mode narsis fotogenik na bararijil kabeh….. jadi namah foto-foto heula weh di hyperSquare…. Geus mah keren2, aralus deui eta foto-fotona mah.


Saenggeus foto-foto, di lanjutkeun ka C-Walk, sarerea neda di restoran nu sohor nyaeta ‘Shin-Men’, maknyus ojolali rasana…. Di Shin-Men the kasohor na mah emih, kusabab plang na oge aya gambar emih an jeung sumpit, paket hoka na oge ngeunah tah yummy…Sorry the story must be the end now, another story always coming after and after from now on  thx for GOD,everybody who can make this event possible and have faith in me to write this story.

Ieu yeuh pesan jeung kesan nu tos dirayakeun ultahnya

Teman2 tercinta ku... terima kasih yah buat Sabtu kemarin!!! thank you jg buat acaranya, puddingnya, kado2nyaaa.... hahuhauhauhauahaaaa.... =)) by Tsukiakiko